Khutbah Jumat - Empat Hal untuk Menggapai Kesempurnaan Puasa

Khutbah I Kesempurnaan Puasa شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنٰتٍ مِّنَ الْهُدٰى وَالْفُرْققَانِۚ فَمَنْ شَهِدَ مِنْكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ ۗوَمَنْ كَانَ مَرِيْضًا اَوْ عَلٰى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ اَيَّامٍ اُخخَرَ ۗيُرِيْدُ اللّٰهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلَا يُرِيْدُ بِكُمُ الْعُسْرَ ۖوَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللّٰهَ عَلٰى مَا هَدٰىكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ Hadirin rahimakumullah Puasa adalah salah satu upaya kita untuk menggapai ketakwaan. Setelah segala upaya kita dalam menjalankan puasa, mulai dari bangun sahur, menahan lapar dan dahaga, menahan nafsu, serta mengisi puasa ini dengan berbagai kerja-kerja kebaikan, kita sangat berharap bahwa puasa kita bisa berjalan dengan sempurna. Sempurna dalam waktunya: waktu imsaknya, waktu iftarnya, hari mulainya, juga hari lebarannya. Pun sempurna dalam pelaksanaannya.  Dalam kesempatan yang baik ini, khatib ingin bicara tentang kesempurnaan puasa dari segi pelaksanaanya. Ba

Serat Kangge Salira: Di Mumunggang Langit Kulawu


Assalamualaikum, Wi, mugia salawasna aya dina tangtayungan Nu Mahasuci. 
Kamari teh nguping wartos yen salira gaduh bewara bahagia. Kajurung ku kitu, Akang hoyong ilu biung dina eta raraga. Mugia ieu maksad tiasa katampi kalayan hate nu ngagalura. 

Kamari mangsa angin badag ngulibek dayeuh Cairo, Akang teh kakeunaan pilek tur batuk meueusan. Heug sakumaha ilaharna, ari geus batuk teh sok nuluy kana hareeng. Teu ngeunah awak, sirah asa muter bari dampal suku asa teu napak. Harita mah kungsi ngalaman panyakit nu sarupa, salira teh nelepon mapatahan cara ninyuh jahe ti meprekna nepi ka ngaleobna. Dasar urang nu apalna ngan ukur kana minuman jahe saschetan, salira teh nyaram gijrid. Cenah nu alami mah lain nu geus dibungkusan heug dijualan di Pasar Masisir, tapi neang jahe golondongan terus olah ku sorangan.

Ti gering eta, Akang jadi ngaberebet kana ingetan. Lir muntang kana hariwang, asa nyiksa diri mun teu Akang dugikeun ka salira. Teu nanaon pan upami Akang nyaritakeun ingetan urang?

Akang sono ka carita jeung sagala gurutu nu sok dicurhatkeun. Sakapeung mah kabar bahagia, sakapeung deui salira ceurik nyingsrah lantaran kesel ka babaturan saorganisasi nu teu bisa diakurkeun pamikiranna. Inget harita kungsi Akang keur tunduh kacida, kudu tuhu ngaregepkeun salira nyarita boga batur sakamar nu kurang surti, teu daek beberes, jeung sok ngomongkeun batur bari tara ngaca diri. Di lain waktu, mun urang rada serius meueusan, urang teh meni sok betah ngabahas muqoror, da pajarkeun teh, penjelasan duktur di kuliah mah teu daekeun kaharti wae, teu jiga dijelaskeun ku Akang. Ah, keur kitu teh Akang mah asa sok ngapung irung, asa teu kabayang bisa manggihan batur nu nyaruan Akang jeung duktur Azhar.

Hiji mangsa kuring keur jongjon nyo'o laptop. Ah nyaeta dina Soundcloud teh aya siaran anyar ti bobodoran Kang Ibing. Ti handapeun simut kakuping aya sora hape. Paling oge Whatsapp ngajak kumpul KPMJB, ceuk hate. Da geus biasa mun poean kumpulan di KPMJB, Whatsapp teh teu daek cicing. Rame ku japrian, malah sakapeung mah sok hayang nga-blok nomer barudak teh. Ari pek teh reg, nu ieu mah beda.
"Akang nuju di Wisma?" pokna nanya. Direret, singhoreng teh salira. 
"Muhun ..." walon kuring. 
"Saurna di PPMI aya musa'adah nya?" 
"Muhun kaleresan. Bade nyandak musaadah?" 
"Muhun upami nyondong mah, tapi panginten engkin tos magriban"
"Atuh beh sakantenan, ku Akang dianteurkeun nya? Sakantenan da ieu bade ka Asyir aya kempelan!" Dina hate mah lain kitu, hoream ka Asyir teh da niat moal ngilu kumpulan barudak. Ari kieu mah, jadi lain carita.
"Ngarepotkeun, Kang, teu sawios"
"Aeh, eta sok kitu ari taeun teh, teu nanaon. Engke dianteurkeun ka Musalas, nya! Supaya Akang teu lengoh teuing ti dieu" pok kuring rada maksa.

Kajurung ku katresna mah, Akang sok eleh deet kana sagala kereteg salira teh. Harita tas Whatsapp-an eta teh, bral weh Akang ka Musalas padahal tadina mah meni anteng betah gogoleran jeung barudak ngaregepkeun dongeng Kang Ibing.

Ti mimiti harita, Akang jadi boga alesan langganan. Maranti nganteurkeun musa'adah bari sakalian ka Asyir. Padahal mah teu aya pangabutuh lain di Asyir teh, tapi mun lain kitu mah, meureun kumaha deui Akang tiasa neang alesan sangkan bisa paamprok jonghok jeung salira. 

Lamun seug dijurung-jurung ku rasa kanyaah mah, nunurut kana kahayang hidep teh horeamna nataka. Ngan, nya kitu tea duriat, aya nami nu kapatri-patri, unggal peuting ngagelendut sangkan Akang nurutkeun kahayang. 

Kungsi sakali mangsa mah, Akang nungguan informasi muasa'adah ti PPMI. Tiap baraha menit teu weleh ngareret kana hape susuganan aya pesan anyar di grup. Lain musa'adah, nu aya ngan saukur nu jualan bagasi jeung bagasi. Tapi lapur pisan eta penantian, Akang teu puguh cicing kudu make alesan naon sangkan bisa nepungan salira. Nepi kaisuknakeun, salira ngajapri ngawartosan yen musa'adah tos aya nu nganteurkeun ku barudak PPMI. Singhoreng teh, PPMI ngawartakeun info peuting teuing, ari Akang geus kasarean ti semet Isya keneh sabab siangna kacapean maen Ludo jeung barudak.

Deg, eta mah, Akang asa cemburu, asa kaleungiteun momen. Mun tea mah musa'adah ayana saminggu deui, meureun Akang teh kudu nungguan salila eta sangkan bisa paamprok deui teh. Tapi ari dipikir-pikir mah jadi hayang seuri sorangan. Naha Akang kudu ambek? Naha Akang kudu sono  kacida? Na salira teh saha dina hirup Akang? Adi lain, baraya sanes. Kabogoh mah piraku, da can kungsi sakecap oge nyabit-nyabit ka dinya. Ngan batur sakamar nu surti teh. Pokna ka Akang, "ari silaing miharep pisan nya ka jungjunan teh? Urang mah moal ngalarang-larang, karep teh teuing, ngan omat, kuliah ulah nepi kaganggu lantaran hiji awewe!"

Kungsi di mangsa lian mah, salira teh ngirim uleman nikah babaturan. Pok di pesan saatosna teh "maaf, salah kirim". Akang mah apal, sakumaha salah-salahna ge moal nepi ka salah ngirim uleman. Akang mah surti yen salira teh tos mimiti nyubit-nyubit ka dinya. Malah dina kereteg hate oge, Akang mah tos nyiapkeun ka lebah dinya.

Ngan sok sanajan kuatna eta kereteg hate, Akang rumaos can kaparengkeun silaturahmi ka tuang rama. Ari tataros mah atos, ngan tinggal nungguan waktu nu pas. Sajujurna mah, tabungan keur seserahan mah tos sayagi. Komo katambahan ku beasiswa ti Pak Aher mah, itung-itungan mah geus mahi keur nyewa tenda jeung tukang hias heena mah. 

Wi, naha salira apal kumaha sonona Akang ka mangsa-mangsa eta? Mangsa di mana urang teh ningkreuh leumpang paduduaan dina ingetan, ngagedig ti harepan nu hiji ka nu lian, sangkan urang teh panceg sarua apal yen aya tujuan nu bakal disorang.

Nepi ka hiji mangsa, Akang keur di kelas aya muhadloroh. Ari panon mah manco ka duktur nu keur nerangkeun, tapi pikiran mah kamana boa. Pipikiran teh inget wae ka salira. Ti sasih kamari, salira teu sakali-kali acan ngabales Whatsapp ti Akang. Ari Akang teu boga kawani nepi ka nelepon atawa ngontrog nanyakeun, da atuh saha Akang nepi ka wani kitu. Ngan pedah teu ilahar salira kawas kitu.

Bubar ti kelas, eta hape disada. Grup ngadadak rame. Ari pek teh, aya uleman nikah, tapi sanes salah kirim. Nami salira meni jentre kabacana. Tur nami nu lain, nu kacida teu katerkana.

Bener ceuk kolot, kudu awas kana salaga kila-kila mun rek aya kajadian teh. Geningan geus lawas salira teu rekah na amparan taman Akang. Asa teu wasa maca eta Whatsapp, tapi da kumaha deui. 

Akang nyaah ka salira. Apanan hidep oge uninga kana eta teh. Duka kedah kumaha, harepan nu maranti sok campego di sapopoe kahirupan teh, ngadadak asa nyambuang mulang, kagalinding ku angin nu ngaguar-guar kanyeri. Salira mios tanpa permios, langsung atanapi henteuna mah, mangrupi hinis nu kacida seukeutna meuncit gedig jeung tekad. Ayeuna mah, panon poe mun kasosorekeun, Akang ngan ukur bisa milang kalangkang, ngawaskeun diri sorangan nu mulang lain ka kandang. Aya kanyeri nu teu leungit-leungit nyambuangkeun wawangina. Hawa kasono ngadalingding kaangin angin lapur duka ka mana. Di kulon layung geus hibar, panon poe tunggang gunung. Taya sora nu kadenge iwal simpena hate.

Ti Akang, 
nu nyawa jeung raksana rumingkang paanggang, mugia salira aya dina kawilujengan.

Wassalamualaikum.
 04 April 2018

Komentar

Posting Komentar