Khutbah Jumat - Empat Hal untuk Menggapai Kesempurnaan Puasa

Khutbah I Kesempurnaan Puasa شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنٰتٍ مِّنَ الْهُدٰى وَالْفُرْققَانِۚ فَمَنْ شَهِدَ مِنْكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ ۗوَمَنْ كَانَ مَرِيْضًا اَوْ عَلٰى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ اَيَّامٍ اُخخَرَ ۗيُرِيْدُ اللّٰهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلَا يُرِيْدُ بِكُمُ الْعُسْرَ ۖوَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللّٰهَ عَلٰى مَا هَدٰىكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ Hadirin rahimakumullah Puasa adalah salah satu upaya kita untuk menggapai ketakwaan. Setelah segala upaya kita dalam menjalankan puasa, mulai dari bangun sahur, menahan lapar dan dahaga, menahan nafsu, serta mengisi puasa ini dengan berbagai kerja-kerja kebaikan, kita sangat berharap bahwa puasa kita bisa berjalan dengan sempurna. Sempurna dalam waktunya: waktu imsaknya, waktu iftarnya, hari mulainya, juga hari lebarannya. Pun sempurna dalam pelaksanaannya.  Dalam kesempatan yang baik ini, khatib ingin bicara tentang kesempurnaan puasa dari segi pelaksanaanya. Ba

Ngakrabkeun Maneh Ka Dunia Literasi


Lamun kiwari loba ihwal nu dianggap masalah dina kahirupan sosial urang, sabenerna nu nyebabkeun eta masalah salah sahijina komentar jumhur di internet. Teknologi nu maju bari teu dibarengan ku kasiapan mental para pelakuna ngabalukarkeun kana instabiliti.  Nu matak teu aneh ku urang kapanggihan loba masalah-masalah leutik nu dianggap pohara gedena, atawa inpormasi nu nyebar kacida babarina, bari jeung can tangtu bener henteuna. 

Kagagalan dina nyimak tur nyerep inpormasi wawaha ayeuna tangtu jadi hal anu kacida pentingna nu kedah jadi tumut pikeun sarerea. Salah sahiji cara sangkan urang teu jadi jalma nu gampang dibobodo batur atawa over-reactive kana sagala rupa kajadian nu aya, nyaeta kudu ngaakrabkeun maneh jeung dunia literasi. Jarak nu kawangun antara urang jeung literasi mangrupakeun hiji masalah nu kudu dikeureuyeuh neangan solusina. Sabab ngan ukur ku kamampuan literasi nu bisa ngubaran tur ngurangan masalah-masalah dina hirup urang, nu lolobana pinuh teuing ku masalah-masalah leutik nu sabenerna asa teu kudu dicumponan.

Numutkeun kana data nu dibewarakeun Unecso PPB, aya genep rupa literasi nu kudu dikuasai ku urang sangkan bisa ngimbangan kamajuan jaman abad 21. Genep literasi eta antara lain literasi baca tulis, literasi numerasi, literasi finansial, literasi sains dasar, literasi kewarganegaraan & budaya, jeung literasi digital. Numutkeun eta, lamun urang leungiteun dina hiji jenis literasi tina anu genep eta, bisa dipastikeun yen urang bakal katingaleun mangrupaning ihwal nu keur ngalakon di dunia urang.

Kurangna minat baca dina kahirupan urang mangrupakeun masalah nu sering dianggap masalah leutik, nu seringna dianggap teu aya dampak langsung pikeun kahirupan ekonomi atawa hal-hal nu leuwih praktis tur ngalakonan hirup. Anggapan eta jadi anggapan sarerea, sahingga wajar bakal rada hese mun baris ngarepkeun ayana sistem pendukung nu ngadorong urang daek jeung resep maca. 

Jelema nu resep maca jeung nu teu resep maca biasana babari pisan dibedakeun nalika nyanghareupan hiji pasualan atau hiji diskusi di mana manehna terlibat salaku partisipan. Biasana nu gagap literasi leurih babari defensif jeung gede hulu dibanding nu cakap literasi nu leuwih tiis nalika nyanghareupan berbagai kemungkinan jeung masalah nu aya. Nu matak ngabedakeun dua karakter ieu dibalukarkeun ku persediaan reperensi dina otakna, di mana nu resep maca literasi mah ngabogaan pengalaman leuwih loba batan nu tara maca. Pangalaman panggih jeung rupa-rupa pamikiran, rupa-rupa cara mikir, sudut pandang masalah, pangalaman manggihan pasualan nu sarupa tur solusina, jeung pangalaman lainna nu nyatana kacida seueur kaliwatna ku nu teu akrab jeung literasi. Sahingga, nalika dihareupan kana hiji pasualan atawa masalah naon wae nu aya, nu akrab jeung literasi leuwih babari beradapsi, teu gampang ngahukuman, teu reuwasan tur curinghakan, jeung leuwih bisa nyerna sagala inpormasi nu aya sacara leuwih komprehensip. 

Lamun urang ngemutan kana pilem-pilem urang deungeun, literasi direpresentasikeun sabage bagian nu teu bisa leupas tina kahirupan masarakatna. Rek naon wae propesina, lakon aktor aktrisna deukeut jeung meumeut kana buku. Sanajan tukang masak di warung sangu, sanajan tukang bengkel, sanajan kuli pabrik, buku tos jadi reperensi pikeun urang deungeun nu sakuduna jadi picontoeun keur urang. Dina babaraha kondisi, aya kumpulan masarakat nu teu maca buku, teu akrab jeung literasi, lantaran teu ayana akses kana eta fasilitas. Kurangna perpustakaan, teu aya jaringan internet, atawa ayana aturan heubeul nu nganggap kubu jeung sagala nu kakaitan jeung buku sabage tempat suci nu teu satiap urang bisa ngaaksesna. Kondisi eta bisa jadi pangacualian keur urang, tur kudu dipikiran ku sarerea sangkan aya solusina. Tapi dina kaayaan urang ayeuna nu hirup di lembur atawa kota, di mana internet bisa diakses nepi ti sisi galengan sawah atawa tampian tengah leuweung, teu jadi alesan deui naha urang masih teu daek maca jeung akrab kana literasi. Sabab dina nyatana, internet nu dipake ku urang sarerea jawan kiwari, hampir sadaya penggunana tos melek digital, hampir sadayana jelema nyakola, tinggal diedukasi ku daekna maca nu bakal bisa ngontrol kawijaksanaan urang nalika ngarespon sagala rupa hal dina kahirupan urang. 

01 Desember 2018.




  

Komentar